
Ngaririncik
Vera Verawati
ngaririncik hujan mimiti di sasih September
bentang ngadadak simpe
nyumput nyamunikeun hate anu kakurung ku kabingung.
Duh jungjunan,
dina pajauhna raga urang kapisahkeun ku kaayaan. Tapi asih jeng kanyaah lir ibarat hujan peuting ayeuna.
cur ngucur teu ka ukur, teu ka kubur ku takabur.
cling herang ku asih niiskeun dua hate
hate urang duaan
Kuningan, September 24
Mindeng Datang
Vera Verawati
halimun turun teu bebeja ti anggalna
nutupan manah leumpeuh ku kanyaah
peuting poek ku peutingna
beurang caang ku beurangna
kitu deui isuk oge milu nalangsa
teuing iraha datangna rasa
duka ti mana mimitina
kabengbat tresna
mindeng datang dina lamunan
nyaliksik mipit kana impenan
Akang,
Dina sesa panungtung subuh
Ngahaja sujud kanu Ngagaduh
Ngedalkeun kahayang nu nyaliara
Akang,
Munajat ati kedal ngahiji
Kenging widi tinu Maha Suci
Urang kabeungkeut ku jangji pasini.
Kuningan, September 24